[go: nahoru, domu]

Lompat ke isi

Andawali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tangkal Andawali

Andawali kaasup tangkal nu ngarambat menahun, ajeg, jangkungna ngahontal 15 méter, kaambeu seukeut, biasana hirup dina taneuh anu cukup beueus sarta loba humus, pepelakan liar ieu ayana di leuweung.[1]Watangna sagedé ramo cingir, bintil-bintil rapet rasana pait, daunna tunggal, aya tangkai, ngawangun kawas jantung atawa rada budar endog boga tungtung léncop, panjangna 7-12 cm, rubak 5-10 cm, kembangna leutik, kelir héjo ngora, ngawangun turuy semu, andawali oge tuluy bisa dilobaan ku cara di sték.[2]Pepelakan ieu asalna ti Asia Tenggara, contona di Indo Cina, Semenanjung Melayu, Filipina sarta Indonésia (Jawa, Bali, Ambon).[3]Di Sumatera andawali téh diwanoh ku ngaran anyar cina; di Jawa disebut daun manis,brobos krebo, beunghar kucicing, jukut lokot mala, jeung suket gajahan. Di kepulauan Maluku disebut kolo, goro-goro cina; di Cina disebut cam cao, ai ye; sedengkeun di Sunda di sebut brotowali, andawali, patrawali.[1]

Eusi jeung Mangpaat

Dina tangkal andawali, kulit jeung watang andawali ngandung zat-zat kawas alkaloida sarta damar beyé, boga warna konéng keur akarna ngandung zat berberin sarta kolumbin.[3]Eusi alkaloid berberina kapaké pikeun maéhan bakteri dina tatu.[3] Andawali ogé méré mangpaat pikeun nambahan napsu dahar sarta nurunkeun kadar gula.[3] Zat pait pikroretin bisa ngarangsang gawé urat saraf ku kituna pakakas pernapasan nu gawéna kalayan alus sarta leuwih ngabantu patukerna zat, ku kituna bisa nurunkeun panyakit panas.[3]Salian ti éta ogé khasiatna bisa ngubaran rematik, konéngeun, sarta diabétés.[4]Pepelakan andawali oge bisa jadi obat panyakit diséntri, bronkitis, kaguguran, utah getih, sarta pendarahan dina usus.[1]

Tangkal Andawali

Cara Melak Andawali

Salaku nu kaasup tangkal ubar, andawali bisa dipelak ku cara sték, saperti di handap ieu:

  • Milih tangkal andawali nu hadé.
  • Keureut kira-kira 15 nepi 20 cm.
  • Sangkan menagkeun hasil nu hadé, teu langsung dipelak di kebon, tapi leuwih hadé dipelak heula di pot atawa polibak.[1]
  • Sanggeus pot atawa polibék dieusi taneuh, pelakeun di pot/polibak tungtung handap andawali nu geus dikeureut tadi.[1]
  • Simpen di tempat nu iuh, jauhkeun tina sorot panonpoé.[1]
  • Sébor paling lila 2 poé sakali.[1]
  • Sanggeus sababaraha minggu, nyaéta sanggeus tunasna rada jangkung, tangkal andawali kudu dipindahkeun ka kebon.[1]


Rujukan

  1. a b c d e f g h (id)Tim Guru Cinta Lingkungan. 2006.Pendidikan Lingkungan Hidup.Bandung HAL. 9
  2. (id) andawali (Diakses pada tanggal 21 September 2011)
  3. a b c d e (id)wilayah pepelakan (Diakses pada tanggal 21 September 2011)
  4. [mangpaat andawali](Diakses pada tanggal 21 September 2011)
  5. klasifikasi ilmiah(Diakses pada tanggal 21 September 2011)