[go: nahoru, domu]

Lompat ke isi

Batik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nyieun Batik

Batik nya éta salah sahiji produk budaya bangsa Indonesia [1]. Batik mangrupa gambar rupa-rupa nu dijieun ku malam make canting dina boéh atawa lawon [2]. Aya karémbong batik, samping batik, sarung batik, taplak batik, jeung réa deui [2]. Dina kamekaranana, batik ngalaman parobahan corak, téknik, jeung prosés fungsi alatan jaman jeung pangaruh ti budaya séjénna. Batik diwangun ku dasar artistik nu berkembang luyu jeung tungtutan jaman [1].

Karageman wangun ragam hias pohara dipangaruhan ku faktor adat istiadat anu béda, situasi, kondisi, sarta senimanna[1].



Rujukan

  1. a b c Drs. Hasanudin, M.Sn (2001) Batik Pesisiran, Melacak Pengaruh Étos Dagang Santri pada Ragam Hias Batik. Bandung: Kiblat Buku Utama
  2. a b Danadibrata,R.A. (2006) Kamus Basa Sunda. Bandung:Kiblat Buku Utama