Kaca
Saheulaanan eusi ieu kaca keur diédit. Ngarah henteu pagedrug, ulah waka ngédit salila ieu tangara aya kénéh. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 15:32, 7 Nopémber 2011 (UTC) (Galat skrip: tidak ada modul tersebut "TimeAgo".). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Kaca mangrupa geblegan gelas atawa beling nu gede gunana diantarana sok dipaké jandela, panto eunteung, jeung sajabana. [1]
Sajarah Kaca
Salila rébuan taun, kaca dianggap minangka hiji hal pikeun ditempokeun.[2] Kaca kapaké pikeun dekorasi sarta pikeun nyieun barang-barang berharga. Kaca jadi bener-bener kapaké lamun dianggap minangka hiji hal anu tembus pandang.[2]
Taya anu bener-bener nyaho iraha atawa di mana rusiah nyieun kaca nu mimiti, sanajan urang weruh kaca geus dipaké saprak jaman mimiti pisan.[2] Bahan-bahan utama pikeun nyieun kaca nyaéta keusik, lebu soda, atawa garam lebu (kalsium karbonat) sarta kapur, anu dilééhkeun babarengan kalayan suhu anu tinggi.[2] Saprak bahan-bahan ieu kapanggih réa di sagala rupa bagian dunya, rusiah nyieun gelas geus kapanggih di loba nagara.[2]
Nurutkeun hiji carita, jalma-jalma Phoenix kuna meujeuhna meunang pangajén pikeun penemuan ieu.[2] Saurang awak kapal istirahat di hiji walungan di Syria.[2] Sabot maranéhanana siap pikeun masak kadaharan pikeun dahar peuting, maranéhanana henteu manggihan batu pikeun ngaganjel ceret maranéhanana.[2] Jadi maranéhanana ngagunakeun bongkahan-bongkahan ‘niter’ (sanyawa sodium) ti muatan kapal.[2] Panas seuneu ngalééhkeun niter, anu pacampur jeung keusik anu aya disakurilingna sarta nyérélék kaluar minangka aliran kaca éncér.[2]
Carita ieu meureun bener, meureun henteu bener, tapi, Syria nyaéta salah sahiji ti tempat-tempat asal nyieun kaca.[2] Sarta para padagang bangsa Phoenix kuna ngajual barang-barang pecah belah di sakumna nagara-nagaraMediterania.[2] Mesir nya éta nagara séjén anu geus mikawanoh pembuatan kaca saprak jaman mimiti.[2] Manik-manik sarta kurabu ti kaca geus kapanggih di pusara-pusara anu asalna ti taun 7000 saméméh masehi, tapi, barang-barang ti kaca ieu kamungkinan asalna ti Syria.[2] Kira -kira taun 1000 saméméh masehi, jalma-jalma Mesir nyieun kaca maranéhanana sorangan.[2]
Jalma-jalma Mesir nyampurkeun batu kerikil kwarsa anu geus diancurkeun jeung keusik pikeun ngarobah kelir kaca.[2] Maranéhanana ogé nyaho, yén upamana nambahan kobalt, tambaga, atawa mangan dina campuran éta, maranéhanana bisa ngahasilkeun kaca anu miboga rupa-rupa kelir bulao, héjo, atawa ungu.[2]
Rujukan
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |