[go: nahoru, domu]

Lompat ke isi

Kabupatén Nias Kidul

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kabupatén Nias Kidul

Lambang Kabupatén Nias Kidul

Omo nifolasara, imah tradisional Nias di Bawömataluo, Fanayama

Peta lokasi Kabupatén Nias Kidul
Motto Furai
Propinsi Sumatera Utara
Ibukota Teluk Dalam
Lega Wilayah = 2487,99 km²
Kordinat 0°35′00″N 97°46′40″E / 0.5833529131777305°N 97.77766689051833°E / 0.5833529131777305; 97.77766689051833Koordinat: 0°35′00″N 97°46′40″E / 0.5833529131777305°N 97.77766689051833°E / 0.5833529131777305; 97.77766689051833
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
= 368484
145 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
35
461
Dasar hukum {{{dasar hukum}}}
Tanggal {{{tanggal}}}
Bupati Hilarius Duha
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0630
DAU Rp 685.495.107.000,- (2020)

Ramatloka: www.niasselatankab.go.id

Nias Kidul (Nisel) nyaéta hiji kabupaten di Pulo Nias, Sumatera Utara, Indonésia. Dumasar kana data Badan Pusat Statistik Nias Kidul taun 2021, pangeusi kabupatén ieu lobana aya kana 360.531 jiwa (2020), kalayan kapadatan penduduk 145 jiwa/km2, tur dina tengah taun 2023 lobana 368.484 jiwa.[1] Puseur dayeuh Nias Kidul perenahna di kacamatan Teluk Dalam.[2]

Nias Kidul saméméhna kaasup bagéan tina Kabupatén Nias. Status otonomna dipibanda dina tanggal 25 Pébruari 2003 tur diresmikeun dina 28 Juli 2003. Kabupatén ieu diwangun ku 104 kapuloan gedé jeung leutik. Perenahna ieu polo-pulo téh manjang sajajar jeung Pulo Sumatra. Panjang pulo-pulo ieu leuwih kurang 60 km, lébar 40 km.

Tina sakabéh kapuloan ieu, aya opat pulo gedé, tayalian Pulo Tanah Bala (39,67 km²), Pulo Tanah Masa (32,16 km²), Pulau Tello (18 km²), jeung Pulo Pini (24,36 km²). Henteu sakabéh pulo aya pangeusina. Masarakat Nias kidul nyebar di 21 pulo anu aya dina sajeroning dalapan kacamatan.[2]

Pamaréntahan

Bupati jeung Wakil

 Artikel utama: Daftar Bupati Nias Selatan.

Bupati téh tayalian pamingpin anu pang luhurna di lingkungan pamaréntah Kabupatén Nias Kidul. Bupati Nias Kidul mempertanggung jawabkeun pagawéanna ka gubernur propinsi Sumatera Utara. Mangsa ieu, bupati atawa kapala daérah anu ngajabat di Kabupatén Nias Kidul tayalian Hilarius Duha, sarta wakilna Firman Giawa.

Aranjeuna téh mangrupikeun jawara tina hasil Pemilihan umum Bupati Nias Selatan 2020, pikeun periode tahun 2021-2024. Hilarius jeung Firman diistrénan ku gubernur Sumatera Utara, Edy Rahmayadi, dina kaping 26 April 2021 di kantor gubernur Sumatera kidul di Kota Medan. Ieu mangrupakeun periode kadua pikeun Hilarius Duha salaku bupati Nias Kidul.[3]

No Bupati Mulai jabatan Akhir jabatan Ket. Wakil Bupati
3 Hilarius Duha 26 April 2021
(2020)
Petahana [Ket. 1][3] Firman Giawa

Ékonomi

Ékonomi di Kabupatén Nias Kidul dibagi kana sababaraha séktor, kalayan séktor tatanén jeung perkebunan salaku anu pang onjoyna sedengkeun séktor industri kecil jeung menengah salaku séktor ékonomi anu pang handapna.[4][5][6]

Kajadian Gedé

Nalika 28 Maret 2005, aya lini anu dirandapan ku pulo Nias.[7] Kakuatanna kacida rohaka 8,7 skala Richter ngalumpuhkeun kagiatan pamarétahan jeung pangwangunan di daérah ieu. Numutkeun data bupati Nias Kidul, kacatet sahenteuna 5.845 imah warga ancur, ogé 274 tempat ibadah, 20 kantor, sarta 217 bangunan sakola di kabupatén Nias Selatan. Tur 138 jalma tilar dunya.

Catetan

  1. Hilarius Duha geus dua kali ngajabat bupati

Dicutat tina

  1. "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2023" (Visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 29 Desember 2023. 
  2. a b "Kabupaten Nias Selatan Dalam Angka 2021" (pdf). www.niasselatankab.bps.go.id. pp. 10, 62. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2021-04-15. Diakses tanggal 15 April 2021. 
  3. a b "Gubernur Sumatera Utara Lantik Bupati dan Wakil Bupati Nias Selatan". www.niasselatankab.go.id. 26 April 2021. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2022-02-02. Diakses tanggal 2 Februari 2022. 
  4. Laia 2016, pp. i.
  5. BPS. 2023-01-17 https://niasselatankab.bps.go.id/. Diakses tanggal 15/07/2024. 
  6. Sinaga, Murbanto (2023). Mengungkap Kemiskinan dan Pengangguran di Kepulauan NiasSinaga. Jakarta: Jejak pustaka. p. 3. ISBN 9786231834775.  Disungsi 14 Juli 2024
  7. Koeshendrajana, S., Rusastra, W., dan Sukadi, M. F., ed. (2019). Potensi Sumber Daya Kelautan dan Perikanan WPPNRI 572. Jakarta Pusat: AMAFRAD Press. p. 26. ISBN 978-623-7651-04-8. 

Kapustakaan

Tutumbu ka luar

Citakan:Kabupaten Nias Selatan Citakan:Sumut Citakan:Mayoritas Kristen Indonesia