[go: nahoru, domu]

Lompat ke isi

Harmonika

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Harmonika

Harmonika nyaéta waditra anu dipaénkeuna ku cara ditiup, miboga sababaraha liang nada nu bisa ngaluarkeun sora ku lantaran létahna ngageter nailika ditiup.[1]

Jenis-jenis Harmonika

[édit | édit sumber]

Harmonika miboga sababaraha jenis dumasar kana wangunna, di antarana nyaéta:[2]

1. Diatonic Harp

Harmonika jenis ieu miboga 10 liang jeung deui bisa maénkeun hiji konci harmonika di sawatara chord anu béda.[2] Biasana dipaké pikeun marengan jenis musik Blues, Country, jeung Folk, tapi bisa ogé dilarapkeun ka Jazz atawa Classic.[2]

2.Chromatic Harp

Bentukna béda jeung Diatonic anu di luhur.[2] Pencétanana di gigireun / sabeulahna.[2] Gunana pikeun ngagésér slide panutup liang anu aya pikeun ngahasilkeun nada-nada cres.[2] Contona di liang nomer 3 éta kasadana C harina lamun mencét tombol éta mangka kasadana bisa jadi C# atawa Db. Biasana dipaké pikeun marengan jenis musik Pop, jazz, jeung Classic.[2]

3. Tremolo sarta Echo Harp

Loba anu bingung pikeun ngabédakeun antar Echo jeung Tremolo Harp, sabenerna dua jenis ieu sarua.[2] Miboga ciri liang anu berurutan jeung deui bentukna panjang.[2] Fungsi ti harmonika jenis ieu pikeun méré éfék pangulangan dina nada anu dipaénkeun.[2]

4. Chord Harp

Harmonika jenis ieu bisa népi ka 48 chord.[2] jenis ieu ngan bisa dipaké dina jenis musik Classic atawa Harmonica Group.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]