[go: nahoru, domu]

Lompat ke isi

Rianti Cartwright

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rianti Cartwright
GumelarRianti Rhiannon Cartwright
22 Séptémber 1983 (1983-09-22) (yuswa 40)
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Ngaran landianSophia Rianti
PagawéanArtis, VJ, Modél, Presenter

Rianti Rhiannon Cartwright nyaéta wanoja kalahiran Bandung, 22 Séptémber 1983 anu boga pacabakan jadi modél, aktris, presenter, sarta VJ MTV Indonésia. Rianti Cartwright nyorang atikan di International Education Program Jurusan International Business and Marketing, University of Tasmania, Jakarta, manéhna ogé saurang muslim, sarta anak bungsu ti dua sadulur. Awéwé anu lahir ti bapa nu urang Inggris sarta indung campuran Sunda-Jawa ieu kungsi ngabéntangan klip vidéo Wungu, Ello, sarta Letto. Rianti Cartwright boga jangkungna 165 cm.

Biografi

[édit | édit sumber]

Saprak leutik, nu boga ngaran lengkep Rianti Rhiannon Cartwright ieu geus biasa digawé pikeun ngeusian pésak sorangan. Dimimitian ti dunya modél dina umur 16 taun sarta sempet jadi editor basa pikeun majalah Maxx-m di Bandung, ngajadikeun Rianti Cartwright biasa digawé kalayan keyeng. Rianti Cartwright saterusna ngaléngkah ka dunya akting. Tawaran munggaran pikeun maén filem datang ti Soraya Intercine Film pikeun milu dina filem Eiffel I'm in Love anu dibentangan ku Samuel Rizal sarta Shandy Aulia. Sanggeus éta Rianti Cartwright maén filem dina Inikah Rasana Cinta? (2005). Rianti Cartwright mimiti dipikawanoh ku masarakat saprak jadi VJ MTV Indonesia dina acara 'Global Room', 'What's Up', sarta 'MTV Weekend'. Dimimitian ku jadi VJ MTV dina taun 2005, léngkah Rianti Cartwright dina dunya hiburan Indonésia beuki panceg saprak manéhna ngabéntangan filem Jomblo (2006).[1] Dina panungtung taun 2006, Rianti ogé maén dina filem Pesan dari Surga (2006). Dina film ieu, Rianti anu saurang muslim ditungtut nyandiwara jadi saurang Katolik.[2]

Dina taun 2007, Rianti Cartwright maén filem babarengan jeung Tora Sudiro sarta Indra Birowo dina filem D'Bijis. Nu resep ka band All American Reject sarta Green Day ieu nyarita, sempet meunang kahésé nyandiwara jadi inohong Asti anu jalingkak dina filem kasebut alatan inohong éta béda jeung sipat aslina anu lungguh timpuh andalemi.[3] Masih dina taunanu sarua, Rianti Cartwright maén deui filem. Ayeuna, Rianti Cartwright maén dina filem hasil adaptasi novel karya Habiburrahman El Shirazy, Ayat-ayat Cinta. Dina filem anu dibéré jejer sarua jeung novelna, Ayat-ayat Cinta Rianti Cartwright dipercaya jadi Aisah, saurang mahasiswi turunan campuran Jerman jeung Turki, anu calakan, geulis sarta beunghar anu keur ngalakonan panalungtikan di Mesir.[4], diaksés 2 Januari 2008

Sajaba ti kasibukna dina dunya hiburan, Rianti Cartwright ogé boga gelar duta AIDS sarta ngampanyeukeun ka para nonoman pikeun nyingkahan resiko kasakit virus HIV.[5], diaksés 14 Désémber 2007

Filmografi

[édit | édit sumber]

Sinétron

[édit | édit sumber]

Pariwara TV

[édit | édit sumber]
  • Gery Wafer Créam

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]